Senin, 23 Agustus 2010

Majalah Cakakak Berkabung

Majalah Cakakak Berkabung

Wilujeng angkat pun Guru, Kang Ibing...surga kanggo Akang!


Nembe Borojol Majalah Cakakak edisi 04 Agustus 2010

LANGGANAN MAJALAH CAKAKAK DIGITAL KLIK DI DIEU


DAFTAR EUSI

1 Eusina

2 Ngawitan Cewaw

4 Surat, Status, jeung SMS

6 Sule SOS: Prikitiew, Keur Leutikna Nongtot Leho

15 Nu Jadi Catur: Iwal Kolor Kabeh Naraek

19 Humor-humor Ngapung

24 Camat (Carita Sakali Tamat): Endog Bu Haji

28 Hayu Urang Ngalamun: Lamun Kuring Jadi Ketua Umum PSSI

35 Ngacapruk Jeung Ceu Romlah

38 Banyolan Sunda

44 Baceo Di Pacilingan

47 Abrulan Humor Baraya Cakakak

52 Sketsa Ramadan

57 Humor-humor Pasantren

60 Humor-humor Soldadu

64 Wayang Humor: Dawala Nalaktak (1)

68 Kongkorongok Urban

70 Drama Komedi: Teroris

78 Mikawanoh Basa Spanyol

79 Agen Majalah Cakakak

80 Tarjut (Tarucing Sajuta)


CUTATAN-CUTATAN EUSI MAJALAH CAKAKAK

Wawancara jeung Sule SOS


PRIKITIW
KEUR LEUTIKNA NONGTOT LEHO


Panganteur
PA Dodo Mulyana jeung Ibu Engkom Komara ngarasa bingung mere ngaran ka orok lalakina nu kakara lahir. Rek dingaranan Robby Darwis, sok sieun geus gedena eta orok teu bisaeun mengbal. Rek dingaranan Acil Bimbo, bisi jagana teu bisaeun nyanyi. Rek dingaranan Silvester Stallon, sok sieun engkena teu bisaeun nyarita basa Inggris. Tungtungna eta orok anu lahir tanggal15 November 1976 di Cimahi teh dingaranan . . . Sutisna, nurut buat ka ngaran tatanggana anu harita milu nungkulan orok lahir, nya eta Ibu Erum, Ma Encah, Kang Tabrani, Pa Guru Ili jeung Ceu Esih. Tina eta ngaran-ngaran digabungkeun terus disingkat jadi . . . Sutisna ! Henteu nyambung ? Nya sambungkeun we atuh, da babari ieuh !
Biasa we, saperti kailaharan barudak, keur leutikna Sutisna teh can kaciri pi-jadi jalma-eun. Malah bisa disebutkeun kaasup budak baong tur harak. Bakat ku baong-baongna, diantara dulur-dulurna nya Sutisna anu mindeng disiksa ku Pa Dodo teh. Tapi sanajan mindeng disiksa, angger we kabaongan Sutisna teu euih-euih.
Bedana jeung budak nu sejen, sajaba ti baong teh Sutisna mah . . . nongtot leho. Lantaran kitu, rea babaturanana anu embungeun ulin jeung manehna, da sieun kalehoan. Ku bapa jeung indungna, mindeng pisan Sutisna dititah nyusut leho. Bakat ku mindeng-mindengna kolot Sutisna nyebut “Susut Leho”, ahirna eta budak nu kiwari jadi pelawak top (lain top badak top maung) teh dilandi jadi Si Susut Leho, disingkat . . . Sule ! Nyambung nya nu ieu mah ?


Di handap wawancara Girang Nampuyak Majalah Cakakak, Taufik Faturohman jeung Sule. Nyanggakeun !

Cakakak
Naha enya Sule teh wancahan tina Susut Leho ?
Sule
Ih, ma enya teu percaya, apan abdi mah tara ngabohong kakapeungan ? Sabenerna eta teh rusiah, da ngan ka majalah Cakakak dibejakeun teh. Ka nu sejen mah dibuni-buni, da era, ma enya artis sohor keur budakna nongtot leho ?
(jst)


HUMOR-HUMOR NGAPUNG
Siti Aisah Rachman

Sakedap

Kacarioskeun Si Abah sareng Si Ambu nuju check-in di bandara, maksadna badé nongton Piala Dunia ka Afrika Selatan. “Jauh teu Afrika Selatan téh?” Si Abah naros ka Si Ambu. “Ké urang taroskeun nya Kang,” saur Si Ambu bari teras nyampeurkeun ka bagian informasi. “Néng, tebih teu ka Afrika Selatan téh?” saur Si Ambu ka petugas, kaleresan istri. “Sakedap Bu,” saur si petugas bari milarian buku petunjuk perjalanan, maksadna badé ningal heula peta sareng jarak. Tapi Si Ambu jiga nu teu surti, teras baé nyampeurkeun deui ka Si Abah. “Sakedap saurna Kang.”


NGACAPRUK JEUNG CEU ROMLAH


CEU ROMLAH


Tiap aya acara réuni, boh SD, SMP, SMA atawa Kuliahan .... Lieuk ieu teu wawuh, lieuk itu teu nyaho, ngajejentul wé sorangan! Tapi eueueuh, da diinget-inget mah Euceu téh teu nyakola .... Hideng sorangan wé datang, bari teu diondang ogé! Hihihihik ....


Atti Latifah
Ahahahaha.... PD aza lagee Ceu... nu penting éksis cenah saur murangkalih ayeuna mah..... Isin mah tos biasa, sanés? (saneééésss).
Pian Martiney
Salah asup, kuduna reuni . . . . SR. Euceu mah sakola na gé apanan Jaman Walanda.
Rinrin Agasya Cullen
Rajin Euceu mah, tos puguh teu sakola ti mimitina ogé.



Robot Lie Detéktor

Si Juhér geus lila cicing di Jepang, minangka pakasabanana téh kana dagang és goyobod. Hiji poé, manéhna jalan-jalan ka salasahiji toko éléktronik kawentar, manéhna kabitaeun nempo aya robot nu bisa ngadetéksi nu ngabohong. Mun aya jalma ngabohong, Si Robot bakal otomatis nampiling éta jalma, cenah. Sanggeus nawar, bari jeung barter maké bakiak katut calana pangsi, ahirna éta robot téh meunang dibawa. Maksudna mah jang oléh-oléh lamun manéhna balik ka kampungna di Indonésia, Cibetok.
Kacaritakeun, usum liburan manéhna balik ka Indonésia. Geus teu sabar, dina hiji peuting, di ruang tamu manéhna nyobaan kaampuh éta robot ka Si Acéng, anakna, nu karék jol tengah peuting.
Juhér: "Balik téh peuting-peuting teuing Jang. Geus ti mana ilaing?"
Aceng: "Tos diajar matématika di imah Si Junéd."
Plak! Éta si robot langsung nampiling Si Acéng.
Juhér: “Tong bohong siah. Bapa geus boga robot nu bakal nampiling ilaing mun ilaing ngabohong! Jawab nu bener!”
Acéng: "No ... no ... nongton pilem Pa!"
Juhér: "Pilem nanahaon?"
Acéng: "Pilm perang...."
Plak! Sakali deui si Acéng ditampiling ku si Robot..
Juhér : "Tah, siah rasakeun! Nu jujur matak ogé mun ditanya ku Bapa téh!"
Acéng: "E... enya pilem porno Pa!”
Juhér: "Hah? Dasar silaing mah Sujang, euweuh kaéra! Awas mun deui-deui! Bapa waé baheula tara nempo pilem porno basa saumuran ilaing téh!"
Plak! Si Robot ujug-ujug nampiling pipi Si Juhér.
“Puas tah Si Bapa... kanyahoan!” ceuk Si Acéng ngegerendeng jero haté.
Ngadéngé sora ribut-ribut di ruang tamu, Ceu Mimin pamajikan Si Juher kaluar bari kerung bingung nempo beungeut anakna geuneuk urut nampilingan.
Mimin: "Aya naon ieu téh Akang? Ulah kamalinaan kitu atuh ka budak téh! Burung palung bodo gélo ogé apanan éta téh budak Akang!"
Plak! Giliran Ceu Mimin anu ditampiling ku Si Robot!
Juhér: “Siaaahhhh...! Kuya bikaaangngng..!”

Komara Agus (si Koron)


Abrulan Humor Baraya Pésbuk

Alhamdulillah Raos

Mas Paijo téh urang Cilacap, kakara lima bulan ngumbara di Cihérang. Pacabakanana mah biasa wé dagang baso. Lantaran geus dianggap penduduk Cihérang, manéhna ogé boga kawajiban kudu ngaronda. Tapi, hiji peuting mah Mas Paijo teu bisa ngaronda, lantaran anakna hareéng. Isukna, isuk-isuk pisan Mas Paijo datang ka imah RT, rék mayar dengda pédah peutingna teu ngaronda.
“Ku naon Mas, tadi peuting henteu ngaronda?” Pa RT nanya ka Mas Paijo.
Ku sabab hayang buru-buru bisa basa Sunda, bari jeung anu nanya téh RT, Mas Paijo ngajawabna maké basa Sunda, anu ceuk manéhna mah lemes tur sopan. Sanajan kitu, ari logat Jawana mah angger baé medok.
“Aduh Pa RT, puguh budak abdi téh nteu raraos,” témbal Mas Paijo.
Ari celetuk téh pamajikan Pa RT nanya ka Mas Paijo, “Ari Si Mbak mah séhat pan Mas?”
"Alhamdulillah Ibu, ari istri abdi mah … raos," témbal Mas Paijo, maksudna mah pamajikanana téh séhat.
(Azid Arifin)


HUMOR HUMOR PASANTREN

H.USEP ROMLI HM

(1) Istiqomah

Dina forum majelis ta’lim ibu-ibu, Ajengan Ahur ngabahas bab n’mat kadaharan tina kitab “Fawaidul Fawaid” karya Ibnul Qoyyim al Jauziyah, ulama mashur abad beh ditu. Saur Ajengan Ahur, sakumaha eusi kitab :
“Alloh SWT maparin ni’mat ka manusa, dua tikel dua tikel dina saban tingkatan. Keur masih mangrupa janin dina kandungan indung, ni’mat kadaharan nu katarima ku eta janin, ukur sarupa. Nyaeta saripati rupa-rupa kadaharan nu dikamalirkeun ku getih, kana puseur indungna. Nu mawi ari nu nuju kakandungan alit keneh, lebah puseur teh sok aya nu uterk-utekan. Tah eta teh janin nuju nyerot saripati kadaharan. Eta we sahiji-hijina. Aya ge bapana ngalongok, hih janin teh papahare bae.tara pirajeunan kabita ningali nu belenu susuluduk teh. Bener-bener istiqomah kana hiji kadaharan tina tempatna nu matuh.”
Teu malire ibu-ibu rada moyeg sili toel, sawareh nahan seuri, Ajengan Ahur neruskeun hanca ajianana....(jst)


Skétsa Ramadhan

Mama Yusuf
Hidayat Soesanto


Mungguh keur barudak, kuring sabatur-batur, Mama Yusuf téh kacida pikakeuheuleunana. Teu anéh mun dianggap musuh barjamaah alias public enemy téh. Mun ayeuna mah Luna Maya. Aéh, Luna Maya mah kétah, pikaresepeun saréréa (kabéh lalaki).
Pangawakanana deukeut-deukeut pendék-besekel. Pakulitanana rada hideung kalepasan. Beungeutna jajauheun kawas Ariel Peterpan. Tapi, kersaning Gusti Alloh, pamajikanana kasebut geulis jeung … lenjang. Sikepna ka barudak, nu jadi gara-gara pangna dianggap musuh barjamaah ku barudak téh.
Keur manéhna mah, ulah waé masjid dipaké tempat heureuy téh. Padahal cék Si Semar téa mah, pangafdol-afdolna heureuy di masjid téh. Teuing atuh asa resep-resep teuing, cenah. Mun dahar téa mah, karasana leuwih ni’mat. Endang Suharna ngaran aslina mah. Ngan ku sabab bujurna gedé, laju dilalandi Semar. Katambah beuteungna semu bucitreuk.
Beuki jadi musuh barjamaah, marengan datangna bulan puasa. Sabab tambah-tambah galakna gé deuih. Unggal tarawéhan pasti milih jajaran pangtukangna. Da éta ngarah babari ngawaskeun kalakuan barudak. Salila tarawéhan, panonna sirikna teu weléh ngulincer. Teu kaop nénjo budak nu heureuy, habek tungtung nyéré kawung kana tonggong atawa bitis. Tara éta gé ari nepi ka ngajelebét mah. Ngan kasebut digitik ku nyéré kawung, nyéré kawung petingan, gedéna ampir tanding indung leungeun, piraku teu matak muringis. (jst)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar